Selasa, 09 November 2010

^^pasipatan jalma^^

Pasipatan jalma aya dua rupa, nyaeta sipat hade jeung sipat goreng...
A. PASIPATAN JALMA NU HADE:
   1. Getol = upama digawe henteu loba ngareureuh, budak sakola jarang absen.
   2. Rajin = daekan kana gawe
   3. Rapekan = sagala pagawean dicabak
   4. Wekel = digawe henteu bosenan
   5. Singer = kana gawe trampil
   6. Berehan = resep barang bere
   7. Tanghian = resep hudang isuk-isuk
   8. Someah,sarehseh,gerewel = akuan, resep nanya
   9. Gemi, rikrik = resep neundeun rejeki
  10. Banteran,wanter = wani henteu eraan
  11. Daekan = lamun dititah tara hese
  12. Pinter = uteukna sagala bias
  13. Sopan = nyaho anggah-ungguh tatakrama
  14. Parimpen = neundeun barang dina tempatna, henteu asal bae
  15. Tartib = ati-ati dina sagala pagawean
  16. Satuhu = nurut kana sagala papatah/parentah
  17. Apik = Ati-ati kana pagaweann supaya hasilna hade
  18. Berseka = apik kana ngurus awak jeung pakean
  19. Adil = henteu pilih kasih
  20. Wijaksana = mutuskeun hiji perkara pisugemaeun, teu aya pacengkadan
  21. Balabah = resep tutulung
  22. Basajan = sederhana, henteu kaleuleuwihi dina laku lampah
  23. Kandulan = henteu lalawora dina sagala rupa hal salilana ati ati
  24. Suhud = soson-soson kana pagawean
  25. Hidep = tara ulin teu puguh
  26. Tarapti = henteu lalawora dina sagala rupa hal salilana ati-ati
  27. Antieum = lungguh, henteu loba tingkah
  28. Surti = nganyahoankeun kana kaayaan/kahayang batur
  29. Deudeuh = Welas asih atawa nyaah ka sasama
  30. Bener = pamikiranana nurutkeun aturan hade
  31. Sabar = tara ambek
  32. Tawekal = dina sagala rupa hal prihatin henteu aral

B. PASIPATAN JAMA ANU GORENG:
  1. Kebluk = jalma anu hese dihudangkeun
   2. Mumulan = embung digawe
   3. Deleka = resep nyiksa sasatoan
   4. Codeka = geus katohyan kalakuan goring
   5. Cunihin, purunyus = tingkah lacuna pikasebeuleun
   6. Awuntah = teu bias nyimpen rejeki
   7. Rucah = resep miceunan duit teu puguh
   8. Cegisan,cegekan = henteu payaan resep ngawada
   9. Centil, genjle, ganjen = tingkah lacuna kaleuleuwihi
  10. Kuuleun = anu teu aya guam, teu boga kahayang
  11. Cileureun = balangah upama di sina tunggu
  12. Murugul = mawa karep sorangan
  13. Gehgeran = resep pipilueun
  14. Nyendeng = awewe baha ka salaki
  15. Cengeng, belikan,delitan = gampang putus asa atawa tampaan kana omongan tuluy sedih
  16. Coloheor = mata karanjang teu kaop nempo nu geulis
  17. Beubeulieun = resep diugung-ugung
  18. Orowodol = digawe asal bae
  19. Tiktikan = mere resiko (balanja) ngutik-ngutik di tanyakeun
  20. Barangasan = gede ambek
  21. Bengis = gede ambek sok mergasa
  22. Panasbaran = jalma panasan teu kaop kaluhuran dunya
  23. Tungi, degeg = bedegong tara daek nanya
  24. Campelak, culangung = wani ka saluhureun
  25. Limpeuran = pohoan kana teundeun sorangan
  26. Teureugeus, seureudeug = digawena gurung gusuh
  27. Suudon = goring sangkaka batur
  28. NGabalun = indit-inditan kamana karep
  29. Saliwang,liwar = salah pangdenge
  30. Burahol = gede rahul (wadul)
  31. Wangkelang = tara nurut kana papatah
  32. Cologog, colonos = teu aya bemakrama
  33. Tambelar, joledar = henteu ngariksa ka kolot
  34. Bawel = resep nganteurkeun omongan ka batur
  35. Cerewed = rewel teu weleh ngomong
  36. Pelekik, built, licik = sok ngarah barang atawa ajang keur batur
  37. Malaweung = teu husu upama dipapatahan
  38. Cidra = bohong kana janji.  

^^ ku baca dari situs pemerintah kabupaten Bogor :p^^

0 komentar:

Posting Komentar

bagaimana menurutmu?